Sabtu, 01 Maret 2014

SWADAYA MASYARAKAT DESA RANCAEKEK WETAN

"Tah kitu, gali potensi swadaya masyarakat ku kegiatan gotong royong diwilayah rw masing masing, urang ulah kapatok ku dana bantuan rutin Desa ADD, P4, PNPM wae," ceuk Pak Kades Rancaekek Wetan dina  sela lea ngontrol gotong royong kesling di RW 01 Desa Rancaekek Wetan ti RT 01 dugi ka RT 05.
Da memang RW 01 dina danget eta ampir 90 % warga anu diluluguan ku Ketua RW 01 Popo Lukman ngayakeun gotong royong Kesling diwilayahna, Bapa bapana turun di jalan Protokol Rancaekek meresan tur meresihan Saluran Cai jeung susukan anu panjangna dugi ka 600 m, ibu ibuna katut rumaja jeng barudak meresihan gang katut buruan imahna masing masing.
Kepala Desa oge ngaharepkeun yen gotong royong model kitu teh ulah ngan sakalieun tapi rutin, intina keur tujuan nu utama nyaeta silaturahmina warga dina eta kagiatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar